sajak sunda saaya aya

Sajak sunda

Tunggarana rasa
Karya Allo Alfatih.

Kolebat bawaning rasa
Meupeuh nyeuceuheu na puseurna rasa
Miangna rasa nutup na tungtung lamunan,
Pikir gering nangtung ngalanglayung
Salira tega nandasa rasa

Angin peuting pating harewos
Mawa beja ti anjeun nu anyar ngaleos
Hate karasa simpe 
Naha kamana anjeun bebende

Neuteup teu kungsi ka teuteup
Kaburu kalakay katebak angin
Panutan salira nu dugika kiwari di anti anti
Mugi ngimpi ngajadi urang ngahiji
Silih simpay katresna kadeudeuh nu meungkeut pageuh.

  1.  

Komentar

Postingan populer dari blog ini

BIDADARI DALAM DO'A

PEJUANG SUBUH ( MEMBASUH PENYAKIT HATI)